Carita Kaulinan Barudak: Perepet Jengkol

Barudak lalaki keur ngarangon embé jeung domba di tegalan. Pandu keur diuk dina tunggul nangka. Leungeunna ngeukeuweuk tambang domba. Beulah kiduleun Pandu, katémbong Ulun keur nyabetan tangkal pungpurutan. Ari di lebak, Rangga keur luluncatan mapay-mapay catang kalapa anu rungkad. Tukangeunana Déla nuturkeun, leungeunna ranggém nyekel kulub siki nangka.

"Lun, domba manéh geus buncir?" Pandu ngagorowok ka Ulun.

Ulun ngalieuk sakeudeung, rét nempo beuteung dombana. 

"Enggeus. Tuh, mani mutiktrik kitu!" témbal Ulun.

"Domba kuring ogé geus buncir. Urang ampihkeun yu!" ceuk Pandu bari nungtun dombana nyampeurkeun ka Ulun.

"Beurang kénéh, bisi ngambek Abah," témbal Ulun. Manéhna anteng nyabetan tangkal pungpurutan. "Mending cangcang wé di dieu!" pokna deui.

Halaman Selanjutnya

Komentar

wave

Belum ada komentar.

Tinggalkan Komentar

wave

Cari Artikel

<<<<<<< HEAD ======= >>>>>>> 22907a91d5212753ed2de3bbf69bb3b53a692828